Buru Daftar Barudak !!!

Laman

Sabtu, 23 November 2013

TRAGEDI LAUK CUPANG :"(

kadang aing mah teu paham anu kieu waen gen dibaca naona menarikna coba sok ? mereun aing teh kasep nya jadi si aura teh kaluar kitu, enya kaluar aura hideung mukena :"( jirs euy mistis gini..
sabenerna mah teu kapikir arek tulas tulis kieu teh da soalna lain penulis lain penyair jis penyair nyair kaditu siah ka sawah... nguureeeuuk wen sakalian :"(


JADI KIEU NYA KEUR BAHEULA MAH ZAMAN KEUR LEUTIK TEH KEUR ZAMAN GEGEBLOHNA SABENERNA MAH LAIN KEUR BABANGORNA INTINAMAH SAGALA TEU NYAHO... ULUH SI ENYENG CAPSLOKNA HURUNG :"(((( *OkePareuman

dina hiji mangsa keur basa usum lauk cupang anu sok di adukeun anu pipina teh sok ngajerebebeng :"( biwir maneh tah ngajerebebeng :"( hih -_- kabiasaan aing mah sok hayang wen ari geus ngeleg nu maca teh, atuda atuda rame euys :"( lain rame tuman sateh nying ah hihihi :D

*NgenyotUdud

lanjut, ker di sakolaan aya si emang emang anu sok ngajualan lauk cupang, tah urang teh meuli meuni alus pisan warnana teh jiga di airbrush  aya pelangi terus aya corak corak kumaha kitu tah :"( pajarkeun mah di sekotlaitan wen heueh :"( . tah terus pas istirahat sakola teh meuli da asa karunya siah euy nya kanu pelastik nya di talikeun nya di pesakan atuh da mereun teler eta lauk teh ka goncang gancing... tah saban balik ka imah di asupkeun wen tah kanu ember soalna uing teh panasaran beut kunaon lauk ieu teh aya warnaan marukan aing mah heueh eta lauk teh sarua jeung  hayam punk anu aya warnaan gening hayamna teh anu sarua di cat si anyeng hayam alay :( geus leutik wae kitu kumaha gedena sugan wen di EMOkeun :"(
tah geus kitu di bawa lauk teh terus eta lauk ku urang di rebahkeun sena sasarean :"( di tempoan di pikiran kunaon aya warnaan :"( teu lila kapikir nempo sikat gigi jeung sabun colek da ku gebohna sianyeng ku aing eta lauk teh di sikat nepika bodas "tuh kan heueuh  bener si emang teh nipu sabenerna mah lauk cupang teh lauk endol anu di warnaan" uing mengucap. teu lila tidinya lauk cupang teh di kumbah di bersihan eh pas di kanu emberkeun teh ngambang atuhkan paeh :"( #CATATAN cukup aing anu gebloh nepika kieu maraneh mah ulah..

jadi kasimpulana tina carita ieu teh :
ulah sok prasangka teuing ka tukang dagang lurs.. uing ngarasa dosa ka si emang eta :"( HAMPURA MANG... intina ulah ngajudge seseorang lamun teu apal kahirupanna.. kenali heula trus jalani JADIAN wen kan ngeunah enjoy ari kitu mah :'))

oke cukup sekian dan dadah :*
hatur nuhun by. @kadeudeuh_Aing

Sabtu, 16 November 2013

Bubuka - Gara gara si eta lah :"(

macana sabari di blok lur da ini ma horror :"(
teuing kumaha eta judulna asa teu mantes heueuh ngan da atuh kumaha deui aing gen bingung ieu teh :(( baca wen lah heueuh saridona jeung saayana da ari hayang di aya aya mah kaditu ka warung loba jug iyaah loba loba pisan kaseubeul :”( asa loba basa basi si anying blog teh nya tapi da kieu heula mereun… da lamun ceramah gen sagalana kudu aya bubukana kade lain buka dikit jos, teu usum ,ayeuna mah buka dikit ngaleos tah eta lamun kitu maneh teh berarti BERIMAN oke sip :”( masia wen mang…. heueuh engges lah :”( 
jadi ker baheula teh aya hiji carita… tidieu mamang jadi peran utamana heueuh… sok regeupkeun… keur cicing biasa handapeun tangkal ker di sakolaan. aku teh ngahuleung tarik gara gara si eta anu miceun aing anjir di piceun pelis da aing teh lain runtah atuh da runtah mah eta maneh nu maca eeeh engga ketang kita mah sodara iyalah pasti lopyu buat kamu :* khusus awewe lain lalaki jiga maneh lain….
nyaaa cinta cinta lah asa ku hoream siah euy teuing gara gara si eta mereun nya… da kumaha deui atuh cinta mah lamun teu di teang nya di dagoan ngan asa piraku wen kudu di dagoan nepika kiamat mah :”( sumpah cangkeul euy kutak ketik kieu teh sabenerna mah teu hayang ngan nya kumaha deui ini demi kalian para pembaca :)

tah jadi kieu baheula basa keur ngora pelis anjir da ieu mah 18 tahun keneh aselina yuk lak bobogohan anjir naha jadi nyekil gini aselina teu paham apa karna gara gara si eta nya... geus lah mupon enya mupon enya aesia nyaho :"(

tah jadi asal mula akun tuiter @kadeudeuh_aing anjiers jiga legenda wae asal mula, jiga sejarah atuh atulah anjir asa di jajah... iyaah di jajah ku mantan hih -_- puuaaas maneh puuas nu maca hah ? :"(  tapi ketang tiap jelema mah kudu boga history :"( jiga nu heueuh bener histori teuing stori lah kitu wen lah salah nulis gen gara gara si eta lah :"( asa aya nu typo baelah kajeun kareup da moal matak ngaruh ieuh lah :"( anjiers lila lila ini beuki hoream nulis asa teu berdasarkan EYD. emang heueuh mah sia boloho :"( nyings -_-

tah nyieun akun teh sabenerna mah teu kahaja teu niat ngan saukur jang heheureuyan hungkul, tah trus uing teh celetuk ngomong dedeuh teuing nya aing galau, anjier lah da gara gara si eta :"( jiers naha curhat :(( tah tidinya teh langsung minjeum hape babaturan nyieun akun @kadeudeuh_aing biasa anjiers keur can ngamodal... tong seuri lah sateh ulah ngabulli aing komo moyok mah ari ngahina mah bae :"( nying sia deui :(( tah tidinya loba perjuangan loba di poyok nanaonan cenah nyieun akun kitu patut hayoh wen tuiteran gagalauan tapi da heuh siah euy kamu goreng patut :(( eh anjir kitu patut :"( atulaaah sateh pelis mang pelis buru anggeuskeun nyarita teh hayoh wen ngacapruk :( heuh kela tah poho deui da sia mah nya hih -_-

baelah nya intina kieu jadi gara gara si eta lah pokonamah mamang teh jadi nyieun akun @kadeudeuh_aing tapi teu niat ngahajakeun...  kitu wen heueuh sakitu ulah teuing loba nanya lah pusing :"( lain wartawan lain da lain :"(
di lanjut deui engke heueuh mun ingeut  ulah serius teuing sateh macana da lain naskah proklamasi :"(


dadah thanks for respect :)